Sabtu, 07 Mei 2011

Sasakala Kacamatan Takokak

Bubukaning Carios...

Ari nami takokak téh asalna mah nami tangkal obat, anu tiasa di budi dayakeun pikeun nopang perékonomian urang, tapi kulantaran ka asup tangkal liar jadi wéh teu di piroséa. Padahal tangkal éta téh seueur pisan hasiatna. Contona pikeun ngubaran nyeri cangkéng, ginjal, jantung, jeung sajabana. Hal ieu ngabuktoskeun, yén di daérah Takokak téh seueur kénéh hal-hal anu can kapendak.

Kocap Carita...

Jaman baheula aya hiji padépokan anu pernahna mah di kiduleun Désa Pasawahan. Ari padépokan ieu di paréntah ku hiji patapa sakti anu linuwih. Luhung ku élmu, jembar ku pangabisa. Anu ngaran Ki Lingga Sakti, ari Ki Lingga Sakti téh boga hiji élmu anu kacida ahéngna, anu ngaranna élmu raga salaksa. Mun keur dihurup ku musuh, Ki Lingga Sakti teu pernah ka téwak, sabab jiga néwak kalangkang, nu aslina mah duka numana, margi jirimna kabéh sarua, teu aya béntenna. Tapi nujadi anéh, dina jero rarabi salila 120 taun, Ki Lingga teu pernah boga anak. Ubar-abér kaditu kadieu tapi teu aya hasilna.

Kacaritakeun dina hiji peuting, Ki Lingga keur meujeuhna manteng ngahuleng, lunguh ngalamun bari ngagerentes dina jero haténa.

“Mun kaula teu boga anak, kudu kasaha kaula nurunkeun élmu jeung harta nu sakieu seueurna, déwaaa... tulungan kaula”. Keur meujeuhna Ki Lingga Sakti paleng ku lamunan, kadéngé aya sora tarik handaruan. Ngahudangkeun lamunan, “héééy... Ki Lingga Sakti“. Ėta sora nu kadéngé ku Ki Lingga Sakti tarik pisan, bangunna mah déwana téh, gendut jangkung badag. Bakat ku tarik-tarikna éta sora Déwa, bangunna mah kadéngé ka mancanagara. Bari pok deui éta sora déwa téh neruskeun. “Aya naon andika ngangkir kaula, padahal kaula téh keur tapa?!” ceuk éta déwa bari sentak sengor, jiga nu ambek. “Nyaéta, maksud ngangkir andika téh apan andika nyaho, kaula rumah tangga geus 120 taun tapi can boga anak. Sugan andika bisa narékahan supaya kaula boga anak” ceuk Ki Lingga Sakti satengah maksa.

Ari éta Déwa ungut-ungutan ngarti kana maksud Ki Linggga Sakti. “Oh, enya..............” ceuk Déwa. “Kumaha atuh ayeuna, maksud kaula rék dikabulkeun moal?” ceuk Ki Lingga, panasaran. “Maksud andika ku kaula dikabulkeun, tapi kaula titip barang, tah ieu binih tangkal, tah ieu badik. Mun pamajikan andika mimiti nyiram, kadé poho pelakeun ieu tangkal, jeung cecebkeun ieu badik digigireun éta tangkal” ceuk éta déwa téh, bari pok ka Ki Lingga Sakti nyarita deui. “Perlu andika nyaho Ki Lingga, di alam dunya ngan aya didieu ieu tangkal téh, ari ngaranna takokak” ceuk éta Déwa téh, ngajelaskeun. Ari Ki Lingga panasaran kénéh “Ari ieu badik naon hasiatna?” Ki Lingga nanya deui. “Ieu badik hasiatna, pikeun ngamankeun ieu tempat jeung pangasihan. Oge pikeun nu datang anyar ka ieu tempat, pasti bakal baretah cicing didieu, ngarti andika?” ceuk éta Déwa bari nyentak.

Sabulan ti harita pamajikan Ki Lingga mimiti kakandungan, dua bulan kaliwat nepi ka salapan bulan, brol ngalahirkeun. Ari éta jabang bayi dingaranan Rana Kencana, ari éta tangkal takokak ceuk béja umurna sarua jeung Nyi Rana Kencana. Nyi Rana Kencana tiwas, tangkal takokak ogé bakal ngaleungit.

Ti taun ka taun teu karaos Nyi Rana Kencana tos sawawa, tos meujeuhna laki-rabi. Dina waktu harita aya hiji jajaka meni kasép ngalémpéréng konéng. Awakna keker tur sembada. Nepi ka ieu tempat jigana mah rék ngadon mondok di padépokan. Lila ku lila mah ieu pamuda téh ditanya ku Ki Lingga Sakti “jalu.... aki rék nanya ka hidep.... saha ngaran, timana asal?” Ki Lingga sakti nanya, panasaran. “Punten aki...” ceuk éta pamuda meni rengkuh, bari terus ngajawab “dupi wasta abdi téh Kidang Pananjung ti padépokan galuh, dupi abdi dugi ka ieu tempat, seja ngumbara milari élmu pikeun bekel hirup abdi, aki....” ceuk éta pamuda ngajelaskeun.

Gancangna waktu, silih wanohkeun éta pamuda jeung Ki Lingga sakti, ogé jeung Nyi Rana Kencana. Asup kana hiji kapastian, Kidang Pananjung jeung Nyi Rana Kencana ngahiji ngalaki rabi. Anu ahirna ngadegkeun hiji padépokan anu ngaranna Batu Lawang.

Ceuk hiji carita umurna Nyi Rana Kencana téh ngan ukur 90 taun, bareng jeung tiwasna Nyi Rana Kencana, tangkal takokak ogé ngaleungit, jiga teu aya tapak-tapakna acan, tapi ku anu soca batinna seukeut mah, sok ngajéngélék éta tangkal takokak téh ngarangkadak. Ari lebah-lebahna éta Situs Takokak sareng Batu Lawang kinten-kinten 100 meter ti SD Pasirkupa. Ari Situs Takokak téh pernahna di kaléreun SD Pasirkupa, sedengkeun ari Situs Batu Lawang mah di kiduleun SD Pasirkupa.

Tah, ti saprak harita éta nami takokak téh dinggo nami Kampung, teras kantos dianggo nami Désa malihan ayeuna mah dianggo nami Kacamatan, nyaéta Kacamatan Takokak.

Panambih : Dimana cenah ari Kacamatan Takokak téh pernahna?, Kacamatan Takokak ayana di Kabupatén Cianjur, pernahna di wewengkon Cianjur bagéan tengah. Anu wawatesan jeung Kacamatan Sukanagara, Kacamatan Kadupandak, tur Kabupaten Sukabumi. Kacamtan Takokak téh ngadeg kaping 26 Désémber 1983 hasil pamekaran ti Kacamatan Sukanagara tur Ibu Kota Kacamatan Takokak téh nyaéta Pasawahan.

Tina Pabukon Guru Basa Sunda SDN Pasirkupa Pusbindik TK/SD Kecamatan Takokak Kabupaten Cianjur. Hasil rékaan: Ki Héru PP (Agus Ishak Sabtari, S.Pd) tur diropéa ku: Guru Basa Sunda SDN Pasirkupa (E. Mulyadi, S.Pd.SD).

Sasakala Curug Supit

Bubukaning carios....

Ari nami curug supit téh, nyaéta panggihna dua kokocoran wahangan anu nyurug di hiji tempat dingaranan Curug Supit. Éta tempat téh pernahna di kiduleun puseur dayeuh Kacamatan Takokak. Nami curug supit téh, kacida pisan di karamatkeunna ku masarakat satempat, ogé dikenal ku warga ti luar Kacamatan Takokak. Buktosna kapungkur pernah ditapaan ku urang Cirebon, ti Banten, sareng urang Sumedang malihan ayeuna ogé, masih sok aya nu napaan ku masarakat satempat, boh ti nu jauh. Hal ieu ngabuktoskeun yén nami curug supit téh kacida pisan dikaramatkeunna, ku masarakat Jawa Barat.

Kocap carita....

Jaman baheula aya hiji aki-aki hirupna nunggul pinang, hirup bubuara di pileuweungan. Teu anak, teu pamajikan. Ari kahirupan utamana ti ngongora nepika cueut ka hareup nyaéta ngala manuk. Ari ngaran tukang moro manuk téh nyaéta, nu katelah Ki Tumbal Kala. Saking kahot-kahotna Ki Tumbal Kala, carita ieu kadéngé ku Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran.

Kacaritakeun di karaton Karajaan Pajajaran, Putri bungsu nu jadi kembang karaton, nugeulisna sabiwir hiji meunang hiji cocoba ti nu maha kawasa, gering mangbulan-bulan, para tabib jeung paraji sakti, ti tiap daérah didatangkeun pikeun ngalandongan putri bungsu, tapi tetep teu aya tapak-tapakna acan. Permaisuri saban poé ceurik, sang Raja unggal mangsa nalangsa, pangeusi karaton kabéh bingung.

Keur meujeuhna baringung nu teu manggih tungtung kadéngé diluar aya nu datang, “sampurasun... sampurasun... sampurasun...” ceuk tamu, “rampés” ceuk pribumi. Di jero karaton éta tamu ditanya ku sang raja, bari semu dareuda. “Saha ngaran andika, timana, jeung naon tujuan andika datang nohonan kaula?” saur sang raja. “Nepangkeun nami kaula nyaeta Pandita Langlang Buana, kaula teu gaduh tempat maneuh, tapi kolong langit éta tempat kaula, nun...” saur éta pandita, bari handap asor. “jadi, kieu ieu téh pandita, kaula sakulawarga bingung teu manggih tungtung, susah nu teu aya papadana, sugan pandita bisa nyageurkeun putri bungsu kaula, anu batan sakieu repotna, cai teu asup, sangu sumawona, ieu mah sugan jeung sugan, pandita tiasa mere bongbolangan”. Saur sang raja bari dumareuda. Barang ngadéngé caritaan sang raja, pandita katingal ungut-ungutan. Bari terus menekung ka nu agung, ménta pituduh ka nu kawasa, teu sabaraha lila, bray, panonna beunta, bari pok sang pandita nyarita, “punten sateuacanna prabu, kaula nembé dipasihan pituduh wiréhna pilandongeun putri bungsu téh, kedah ditumbal ku getih tikukur emas” saur sang pandita méré pituduh. “Dimana ayana éta tikukur emas téh pandita?” saur sang raja panasaran. “Hapunten prabu, dupi éta manuk téh ayana di daérah pakidulan, pilarian wé hiji tegalan paranti balap kuda, pilari nami Ki Tumbal Kala” saur pandita ngajelaskeun.

Tah éta tempat paranti balap kuda téh robah ngaranna jadi Pangaduan.

Sabulan, dua bulan, tilu bulan, utusan Prabu Siliwangi terus nanyakeun ka hiji lalaki satengah tuwu. “Sampurasun sun...” ceuk éta prajurit siliwangi téh nanyakeun, “rampés... aya naon ki sanak anu gandang perténtang, naros ka simabdi?” jawab Ki Tumbal Kala meuni ajlih. Terus éta prajurit siliwangi téh, ngobrol panjang lébar, bari saterusna mah, nyaritakeun tujuanna, ari Ki Tumbal ungut-ungutan, ngarti kana maksud prajurit. “Ké, antos sakedap ki sanak, jisim abdi badé menekung heula, badé nyuhunkeun pituduh ka nu kawasa”. Bari terus sila mendeko, teu kungsi lila bray, panonna beunta, terus nyaritakeun hasilna. “Mangga ayeuna mah salira ngiring ka kaula” sapoé, dua poé, can hasil, nya nepika saminggu, keur meujeuhna reureuh tina kacapé geleber tikukur bulu emas ngageleber ka hareupeun Ki Tumbal, gebeg téh ki tumbal ngarényag reuwas, cungkedil nangtung bari terus ngeteyep ngintip manuk tikukur téa, sumpit geus siap ditiup, terus éta manuk eunteup dina kai leutik gigireun curug, belesur sumpit ditiup, ceb keuna meni manggang pisan kana pingpingna. Gancang éta tikukur emas dicandak ku prajurit, terus wé pamitan mulang ka Pajajaran. Barang éta tikukur dicandak ku prajurit, na atuh, ari kerelek téh Ki Tumbal ngaleupaskeun nyawa sapada harita, maot di éta tempat.

Tah kitu caritana téh, janten sanés Curug Supit, asalna mah tapi Curug Sumpit, nelah kana bandana ki Tumbal Kala téa, kulantaran kagok, masarakat nyebatna Curug Supit.

Panambih: Ari Curug Supit sareng Pangaduan téh pernahna di wewengkon Désa Bungbangsari Kecamatan Takokak Kabupatén Cianjur.

Tina Pabukon Guru Basa Sunda SDN Pasirkupa Pusbindik TK/SD Kecamatan Takokak Kabupaten Cianjur. Hasil rékaan: Ki Héru PP (Agus Ishak Sabtari, S.Pd) tur diropéa ku: Guru Basa Sunda SDN Pasirkupa (E. Mulyadi, S.Pd.SD).

Jumat, 06 Mei 2011

Gaya basa

Gaya basanyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.

Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak. Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu:

1) Ngumpamakeun (simile), nya éta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gaan g katincak

2) Mijalma (personifikasi), nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.

3) Ocon (metonomia), nya éta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!

4) Ngasor (litotes), nya éta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor. Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.

5) Rautan (eufimismeu), nya éta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana. Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)

6) Lalandian (metafora), nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi. Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet).

7) Raguman (sinekdok) nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
a. Hurunan (totem pro parto), nya éta rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh. Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3 (anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).

b. Tunggalan (pars pro toto) nya éta rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna. Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).

8) Rarahulan (hiperbol), nya éta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi. Contona: Sawahna satungtung deuleu.

9) Kadalon (pleonasmeu), nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina. Contona: Anakna kembar sapasang.

10) Ébrehan (peripraseu), nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu disebut téa. Contona: Puputon sekar kadaton (putri)

11) Kahanan, nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang. Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung

12) Silib (alegori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa.

Gaya basa sindir aya tilu rupa, nya éta:

a. Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna. Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)

b. Nomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes. Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).

c. Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.Contona: Béakeun dahareun téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé.

Paribasa Kolot Baheula

Paribasa atawa pepatah anu geus diinformasikan sacara lisan turun temurun ti para karuhun (karuhun) pikeun bekel ngajalanan kahirupan.

1. Hubungan Jeung Sasama Mahluk

  • Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust - ngak kaci calikong, maling, nilep, dlsb... lamun mo nyokot hiji hal kudu saidin anu boga).
  • Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati pasini & consitent).
  • Kalakuan lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat kalakuan lali tina purwadaksina (integrity kudu nuturkeun étika anu aya)
  • * Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, nyarita kudu pas, écés, bermakna.. henteu asbun).
  • Kudu hade gogod hade tagog (Appearance kudu dijaga ambéh boga performance anu okeh sarta kudukalayan laku-lampahna --> John Robert Power ngalakonan training ieu maranéhanana boga
  • Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (kudu silih mitresna, méré nasihat sarta mengayomi).
  • Pondok jodo panjang baraya (saha ogé walopun jodo urang tetep persaudaraan kudu tetep dijaga)
  • Kalakuan ngaliarkeun taleus ateul (ulah nyebarkeun isu hoax, memfitnah, dlsb).
  • Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dina hal nyanghareupan kasulitan/ problems/ masalah kudu di solve babarengan).
  • Bobot pangayun timbang taraju (Logic, kabéh anu dipigawé kudu pinuh tinimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
  • Séjén palid ku cikiih séjén datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb... kudu aya tujuananu écés saméméh ngaléngkah).
  • Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation... kudu anjog saméméh indit, make sure kabéhanana ditiheula).
  • Taraje nangeuh dulang pinande (saban pancén kudu dilaksanakeun kalayan alus sarta bener).
  • Kalakuan pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (ulah berebut kakawasaan).
  • Kalakuan ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, ulah nempo ti ngan kaca panon sorangan).
  • Kalakuan nyaliksik ku buuk leutik (ulah memperalat anu lemah/ rahayat jelata)
  • Kalakuan keok memeh dipacok (Ksatria, ulah mundur saméméh narékahan teuas).
  • Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kamana waé bisa menyesuaikan diri).
  • Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, sagalana kudu paké uteuk sarta kudu terus di ulik, di tarapti, lamun geusditalungtik sarta dijadikeun hiji hal anu méré mangpaat pikeun kahirupan).
  • Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, sumanget pantang mundur).
  • Neangan luang tipapada urang (Diajar néangan kanyaho ti pangalaman batur).
  • Nu séjén kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
  • Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay leungeun (silih migawé bareng ngawangun kemitraan anu kuat).
  • Kalakuan taluk pedah laér tong hoream pedah anggang laér kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terusmundur).
  • Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).



2. Hubungan Jeung Pangéran (Anu Maha Kawasa)

  • Mulih kajati mulang kaasal (kabéhanana asalna ti Anu Maha Kawasa anu maha murbeng alam, kabéhjelema baris balik kaasalna).
  • Dihin pinasti anyar pinanggih (kabéh kajadian geus ditangtukeun ku Anu Maha Kawasa anu sok ngajaga
  • Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goréng jadi goréng (HukumAnu Maha Kawasa nyaéta sok ngajaga hukum-2na, naon anu dipelak éta pisan anu dituai, lamun urang melaksanajan saleutik elektron tetep baris diganjar kebaikan ogé, lamun urang melak keburukan mangkaogé anu dipibanda.... kira-2 naon anu geus urang pelak salila ieu sampai-2 Indonésia nyungseb seeeeeb ;))? )
  • Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Paké uteuk dina ngaléngkah, jieun naon Anu Maha Kawasa nyiptakeun uteuk lamun henteu dipaké minangka sakuduna).
  • Nimu luang tina burang (kabéh kajadian pasti aya hikmah/ mangpaatna lamun urang bisa nganggepanana ku cara anu positive).
  • Omat urang kudu bisa ngaji diri (urang kudu bisa mengkaji diri sorangan ulah resep menyalahkan batur)
  • Urang kudu jadi ajug kalakuan jadi lilin (Ulah nepi ka urang kabeuleum ku kedalan urang, contona urangméré nasihat yagn alus ka batur tapi dina kanyataan sapoé- poé urang kabeuleum ku nasihat-2 anu urangbikeun ka anu séjén kasebut, kawas meujeuhnana lilin anu méré penerangan tapi milu kabeuleum abis babarengan seuneu anu dihasilkeun).

3. Hubungan Jeung Alam

  • Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung henteu kaci dihancurkan, sagara henteu kaci digarah sarta sajarah henteu kacikudu serasi jeung alam.).
  • Tatangkalan dileuweung téh kudu di pupusti (Tatangkalan di leuweung ituh kudu di hormati, kududibédakeun istilah dipupusti (dipihormat) kalayan dipigusti (di Tuhankan) loba anu salah harti di dieu).
  • Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (leuweung kudu dijaga, cinyusu kudu dimaintain lamunhenteu mangka manusa baris tunggara).


Asal: Papatah Kolot (Pepatah Kolot) medar di kampung-2 adat Sunda, dlsb.

http://sundanologi.blogspot.com