Jumat, 16 Juli 2010
Rarasaan Aambuan
rasana gula
Anta
rasana cai sumur taneuh téla atawa basisir
Asin
rasa uyah
Gahar
rasana manisan atawa rasana inuman nu ngandung rasana amis haseum
Haseum
rasana bungbuahan nu encan asak atawa atah kénéh
Kecut
rasana cuka
Kesed
rasana salak ngora
Keurang
rasana kadaharan nu di goréng maké minyak kalapa teu ngeunah atawa murah
Keutar
rasana cangkang bungbuahan atawa rasana geutah
Lada
rasana céngék
Pahang
rasana iwung nu geus kolot atawa rasana buah jengkol
Pait
rasana paria, kina, atawa hamperu
Pangsét
rasana pasakan nu réa teuing uyah, rasa asin pisan
Peuheur
rasana térong
Bau
kokotor jelema atawa sato, bangké, bugang
Hangit
buuk nu kaduruk, olahan anu tutung
Hangru
getih
Hangseur
cikiih
Hanyir
lauk atawa getih
Hapeuk
pakéan kotor atawa tempat nu kotor
Haseum
kelek nu kakesangan, kokotor ucing, atawa olahan nu geus lila
Pengar
peuteuy, jéngkol atawa bau bahan kimia dina obat-obatan
Pesing
cikiih
Segak
cipeuyeum, bako
Seungit
parpum atawa kembang
Ngaran-ngaran Usum
a. Nu patali jeung Kaayaan alam
1. Usum katiga = usum halodo
2. Usum mamareng = usum mimiti rek ngijih
1. usum dangdangrat = usum panyelang antara halodo jeung ngijih
2. Usum ngijih = usum hujan
3. Usum barat = Usum gede angin (nu jolna ti kulon)
4. Usum selatan = usum gede angin nu jolna ti kidul
b. Nu patali jeung kaayaan masyarakat
1. usum pagebug = usum loba nu gering/panyakit
2. usum sasalad = usum loba panyakit bari tepa
3. usum patepok = usum loba kawin
4. usum tigerat = usum kurang dahareun
5. usum paceklik = usum kakurangan pare/dahareun
c. Nu patali jeung kaayaan tatanen
1. Tatanen di sawah
i. Usum nyambut = usum mitembean ngagarap sawah
ii. Usum morekat = usum nyawah leutik
iii. Usum tandur = usum melakeun binih pare di sawah
iv. Usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi diantara tangkal pare
v. Usum celetu = mangsa pare geus mimiti cul cel aya buahan
vi. Usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil
vii. Usum rampak = mangsa pare geus rata/papak beukah
viii. Usum panen = mangsa dibuat, ngala pare
ix. Usum jami = sabada panen
2. Tatanen di Huma
i. Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun
ii. Usum ngahuru = meuleum kai jeung kakayon nu geus garing benang nyacar
iii. Usum ngaduruk = meresihan sarta ngaduruk kai nu can kabeleuman waktu ngahuru
iv. Usum ngaseuk = melak pare ku cara nyocog-nyocogeun kai meunang nyeukeutan tungtungna
v. Usum ngored/ngoyos = meresihan jukut nu jaradi diantara luwukan pare ku parabot kored
vi. Usum dibuat/ngetem = ngala pare make parabot etem
vii. Usum ngunjal = mawaan pare ti huma ka imah
Sesebatan Waktos
kira-kira 10 menit sateuacan waktu subuh
subuh
kira-kira tabuh 04.30
lohor
kira-kira tabuh 12.00
asar
kira-kira tabuh 15.30
isa
kira-kira tabuh 19.00
janari gedé
kira-kira tabuh 01.00-03.00
janari leutik
kira-kira tabuh 03.30-04.30
balébat
waktu fajar geus udat-udat belah wétan
carancang tihang
geus liwat pajar, waktu téténjoan masih remeng-remeng, kira-kira tabuh 05.00
haneut moyan
waktu keur ngenah-ngenahna dipaké moyan, kira-kira tabuh 07.00-08.30
rumangsang
panon poé geus karasa panas, kira-kira tabuh 09.00
pecat sawed
waktu munding anu dipaké ngawaluku sawah dilaan (dipecat) sawedna, kira-kira tabuh 10.00
manceran/mentarangan
waktu panon poé aya luhureun sirah, kira-kira tabuh 12.00
wanci lingsir ngulon
waktu panon poé geus mimiti ngagésér ka beulah kulon, kira-kira tabuh 13.00
wanci panon poé satantung
kira-kira tabuh 15.00
wanci tunggang gunung
waktu panon poé geus mimiti surup, dina luhureun gunung, kira-kira tabuh 16.00-17.00
sariak layung
waktu layung anu ciri-cirina cahaya panon poé di langit katénjo burahay beureum kira-kira tabuh 17.00-18.00
sareupna
waktu geus mimiti reup poék, kira-kira tabuh 18.30
wanci sareureuh budak
waktu barudak leutik geus carapéeun ulin jeung ngaji, kira-kira tabuh 20.00
tengah peuting (jemplang-jempling)
waktu tengah peuting, tabuh 24.00
magrib/buka
kira-kira tabuh 18.00
usum pagebug
usum loba nu gering parna, jeung loba nu maraot
usum sasalad
usum loba panyakit nu babari tépa
usum patepok
usum loba nu kawin
usum tigerat
usum paila, kurang dahareun, pangpangna kurang béas atawa paré
mamaréng
mimiti rék ngijih
usum ngijih
usum hujan, ngecrek saban poé
dangdangrat
usum hujan paselang jeung usum halodo, datangna hujan jeung halodo sifatna kakapeungan
usum katiga
usum teu ayana hujan
usum nyambut
usum mimiti ngagarap sawah
usum tandur
usum melak binih paré
usum ngarambét/ngoyos
mangsa patani miceunan jukut sawah
usum celetu
mangsa paré culcel baruahan
usum beukah
mangsa paré geus loba nu buahan
usum rampak
mangsa paré geus rata
usum panén
mangsa panén paré
usum nyacar
usum nyacar leuweung pikeun sérang atawa pihumaeun
usum ngahuru
usum ngahuru, meuleum kai gararing nu meunang nyacar
usum ngaduruk
usum meresihan sarta ngadurukan kai nu can kabeuleum waktu ngahuru jeung meresihan lahan
usum ngaseuk
usum nyocok-nyocokeun kai nu meunang nyeukeutan tungtungna (aseuk) nu tapakna diasupan bibinihan
usum ngoréd
usum meresihan jukut nu jaradi antara pepelakan maké koréd
usum dibuat
usum panen
sakilat/sajorélat
nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan, diupamakeun kana ngaburinyayna kilat di langit
sakedét nétra/sakiceup
dipaké nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan, sakumaha jelema anu ngiceup
sapanyeupahan
lilana kira-kira sarua jeung waktu anu dipaké keur nyeupah seureuh
sapangéjoan
lilana sarua jeung jelema nu keur nyangu
sapoé sapeuting
lilana 24 jam
saminggu
lilana 7 poé
sabulan
lilana 30 poé, 4 minggu
saumur jagong
salila melak jagong nepi ka panénna, kira-kira 3,5 bulan
sataun
lilana 356 poé, 52 minggu, 12 bulan
sataun landung
lilana sataun leuwih
sawindu
lilana 8 taun
saabad
lilana 100 taun
ayeuna
dipaké jang nyebutkeun waktu éta kénéh
kamari
nyebutkeun poé nu geus kaliwat sapoé
mangkukna
nyebutkeun poé saacan kamari
isukan
nyebutkeun sapoé nu bakal datang
pagéto
nyebutkeun sapoé sanggeus isukan
bieu
nyeubutkeun waktu nu cikénéh karandapan
baréto
nyebutkeun waktu nu rada lila kaliwat
baheula
baheula di paké jang nyebutkeun waktu béh ditueun baréto
eungké
nyebutkeun waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan
jaga, isuk jaganing pagéto
nyebutkeun waktu nu bakal datang
Sesebatan Itungan
Awi
sabébék, saleunjeur, sadapur
Bako
salémpéng, sekeben, satanding
Bangsal
sacangci
Bawang
sasihung
Béas
sacanggeum
Bilik
sailab
Boéh
sarirang
Cai
sakeclak
Cangkir
satangkep
Cau
sauler, sasikat, saturuy
Daun cau
saponggol, sakompét, salembar
Eurih
sajalon
Giwang
sapasang
Gula kawung
sagandu, satoros
Hayam
sajodo
Injuk
sakakab
Jahé
sarémpang
Jambé
samanggar
Japati
sajodo
Kalapa
samanggar
Kaso
sadapur, saluwuk
Kertas
salambar
Konéng
sasolor
Munding
sarakit
Muncang
sadampa
Nangka
sacamplung, sanyamplung
Papan
salambar
Paré
saranggeuy, sacangci
Peuteuy
sapapan, samata
Salak
samanggar
Samak
saheulay
Sangu
sapiring, sabakul
Sawah
sakotak, sabau
Suluh
sabébék, sateukteuk
LEGA JEUNG PANJANG
Satumbak
3,77 meter
Sabata
14 meter pasagi
Samil
1,5 kilo meter
Saareu
100 meter pasagi
Sahektar
100 are/ 500 bata
Sakaki
30 cm
Saélo
0,75 meter
Saicak
saélo pasagi
Sajeungkal
sapanjang tungtung jempol tepi ka tungtung cingir upama dipetakeun, kira-kira 20 cm
Sajeujeuh
sa panjang dampal suku kolot
Sadeupa
sapanjang ramo leungeun katuhu tepi ka tuntung ramo leungeun kenca upama didepakeun, kira-kira 1,60 meter
Satampah
kira-kira saukuran dampal leungeun kolot
LOBA JEUNG BEURAT
Saranggeuy
sagagang
Sapocong
satengah geugeus
Sageugeus
dua pocong dibeungkeut dihijikeun
Sagedeng
sageugeus
Sasangsa
lima geugeus
Salajer
opat sangga/dua pilih geugeus
Sacaéng
40 sangga/ 10 lajer/ 4 tanggung/ 2 madea/ 200 geugeus
Sabawon
opat pocong
Satanggung
lima puluh geugeus
Saundem
ukuran béas nu ditaker ku batok kalapa, kira-kira satengah léter
Samadéa
satengah caéng/ 100 geugeus
Sakati
beuratna kira-kira 817, 5 gram
Sagantang
5 kati/ 10 undem
Saléter
1 dm3
Saemud
kira-kira saléter leuwih
Sakulak
kira-kira 2,5 kg, keur ukuran béas
Sapikul
kira-kira 62,5 kg/ 100 kati, keur ukuran bangsal
Sadacin
Sapikul
NUDUHKEUN JUMLAH
Sapasang
dua
Salosin
dua welas
Sakodi
dua puluh
Salikur
dua puluh hiji
Dua Likur
dua puluh dua
Tilu Likur
dua puluh tilu
Salawé
dua puluh lima
Saraju
opat puluh
Sawidak
genep puluh
Sagros
saratus opat puluh opat
Salaksa
sapuluh rébu
Sayuta
satu juta
Ngala Sasatoan
ngala sato leuweung (saperti maung, babi, manuk)
Moro
néwak sato leuweung ku cara diboro atawa di udag-udag, nu biasana dilakukeun ku jelema réa
Morog
ngala sato leuweung maké porog
Nangkeb
ngala manuk leuweung (manuk puyuh atawa paok) maké parabot nu dijieun tina awi
Ngajerat
ngala manuk maké jerat
Ngalanjak
ngala sato leuweung (biasana uncal atawa mencek) maké lanjak
Ngaleugeut
ngala manuk maké geutah ( leugeut)
Ngancung
ngala bajing parabot kancung
Nyentég
ngala maung atawa beurit maké sentég ( sentég keur ngala maung biasana dijieun tina beusi, sentég keur ngala beurit, biasana dijieun tina kawat)
Marak
ngala lauk di solokan ku cara nyaatkeun caina
Milét
ngala lauk maké pilét
Mosong
ngala lauk maké posong (sarupa sosog nu dibéré eupan
Negér
ngala lauk maké tegér ( sarupa useup ngan leuwih pondok)
Nua
ngala lauk maké racun ( biasana di walungan)
Ngabedahkeun
ngala lauk di balong ku cara nyaatkeun caina
Ngaheurap
ngala lauk maké heurap (sarupa kecrik ngal leuwih gedé)
Ngarad
ngala lauk kalawan maké arad (sarupa jaring)
Ngarégrég
ngala lauk di walungan anu déét maké parang atawa bedog
Ngecrik
ngala lauk maké kecrik (heurap leutik)
Nguseup
ngala lauk maké useup
Nyair
ngala lauk maké sair atawa ayakan
Nyirib
ngala lauk maké sirib (sarupa sair ngan leuwih gedé)
Ngabungbun
ngala lauk maké babalongan anu dijieun disisi walungan, maksudna sangkan lauk ti walungan arasup ka éta babalongan, engkéna éta babalongan disaatan
Ngagogo/ngobeng
ngala lauk maké cara dikodok atawa disasar ku leungeun
Istilah Tatangkalan
palapah daun kalapa atawa kawung
barangbang
palapah daun kalapa nu geus garing dina tatangkalan
bogol
bagian tangkal cau atawa kalapa nu aya di panghandapna
catang
tangkal kai nu ngagolér jeung geus garing lantaran dituar atawa runtuh
iwung
anak tangkal awi nu mangrupa boros kénéh, biasana sok dijieun angeun atawa diseupan
kalakay
daun nu geus garing jeung geus murag
kararas
daun cau nu geus garing
koléang
daun garing nu ngoléang murag tina tangkalna, saméméh tepi kana taneuh
pancar
tangkal awi nu geus garing, biasana sok dipaké suluh
pangpung
bagian tangkal, dahan nu garing
petet
binih tutuwuhan nu leutik kénéh, bisa meunang ngahaja melak atawa jadi sorangan
ruyung/bogor
bagian anu teuas dina tangkal kawung
sirung
pitangkaleun nu kakara melentis
tunggul
bagian tina tangkal sésa nuar
Istilah Kasenian
tembang buhun (maca wawacan)
Celempungan
pagelaran lalaguan nu dipirig ku celempung jeung kacapi
Cianjuran
wangun tembang maké lalaguan tina pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Sinom, kinanti
Gondang
kakawihan dina lisung ku halu
Guguritan
karangan pondok nu dianggit maké patokan pupuh
Guru lagu
sora vokal dina tuntung padaliasan
Karawitan barungan
gabungan karawitan sekar jeung karawitan gending
Karawitan gending
pagelaran nu ngan ngagunakeun sora-sora tatabuhan
Karawitan sekar
vokal wirahma bébas (tembang cianjuran), jeung vokal wirahma teu bébas
Kawih
rakitan basa nu teu paké patokan pupuh
Kliningan
lalaguan nu dikawihkeun ku juru sindén nu dipirig kacapi
Lurah sekar
paminpin nayaga jeung juru sindén
Ngadangding
nyusun atawa nyieun karangan maké patokan pupuh
Nyanggi
ngarang lagu
Pada
kumpulan padalisan anu mangrupa ukuran dangdingan
Padalisan
jajaran atawa baris dina pada
Pasanggiri
milih anu pinunjul
Rumpaka
kecap pinilih nu dipaké dina kawih
Sendratari
seni drama tari
Sénggol
ngaréka-réka sora waktu nembang ambéh leuwih ngenah kadéngéna
Serat kanayangan
da, mi, na, ti, la, da
Singer
makuta pikeun awéwé
Susumping
hiasan ceuli
Tembang
basa dangdingan nu maké aturan pupuh
Waditra
alat tatabeuhan
Wiletan
aturan sora tatabeuhan
Wirahma
rama
Ngaran Waditra
BUDAYA SUNDA DANGIANG WADITRA GENDING
Ku kabinangkitanana luluhur Sunda, salah sahiji kabeungharan budaya Sunda dilarapkeun kana ngaran waditra (pakakas tatabeuhan) gending, boh gending gamelan salendro atawa gamelan gending Degung.
Ampir sapuratina ngaran waditra eta lamun bener-bener pituin anu urang ngaranna teh sok ditungtungan ku “ng”. Lamun teu ditungtungan ku “ng” pasti lain pituin pakakas waditra urang atawa sakurang-kurangna didatangkeun ti luar Sunda.
1. Ngaran Waditra.
Angklung, calung, suling, bonang, kolenang, kendang, goong, celempung, jenglong, kenong, demung, genggong.
2. Ngaran seniman/rupa-rapa kamonesanana:
Dalang, ronggeng, wayang, tembang, sumbang, silung, dangding, gending, degung, gondang, hariring, haleuang, panggung.
Mangga baraya SKKS, bilih mendakan nami waditra/pakakas muski nu teu nganggo ahiran “ng” eta sanes pituin anu urang Sunda
Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan
Baralak/ barangbang = daun kalapa nu geus garing dina tangkalna
Bogol = bagian tangkal kalapa/ cau nu panghandapna (tempat bijilna akar)
Catang = tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar
Iwung = anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar: disepan diangeun)
Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh)
Kararas = sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing
Koleang = daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemes tepi ka taneuh)
Pancar = tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh)
Pangpung = bagian dina tangkal kai, dahan, nu paeh/ garing
Petet = bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak
Ruyung/ bogor = bagian anu teuas dina tangkal kawung
Sirung = pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi, melentis
Tunggul = bagian tangkal sesa nuar
Pentil:
Pentil buah = pakel
Pentil jagong = semi
Pentil kalapa = caruluk
Pentil nangka = tongtolang
Sipat Buah Ngora:
Buah (pakel) =meujeuhna rumangu
Cau = meujeuhna rumegang
Gedang = meujeuhna gumading
Hiris (keceprek)
Jengkol = meujeuhna lumiat
Hui = meujeuhna sumagol
Kalapa (cengkir)
Kalapa (dawegan) = meujeuhna lumeho
Nangka (ketewel)
Tangkil = meujeuhna dumewegan
Ngaran buah:
Buah asem = kamal
Buah jambe = jebug
Buah kawung = caruluk
Buah kiray = langgoko
Buah teureup = benda
Ngaran Rupa-rupa Asakan
- mubuy => ngasupkeun (hui, sampeu, jsb.) kana lebu panas.
- meuleum => ngasakan kadaharan ku jalan diantelkeun atawa dideukeutkeun kana seuneu, contona: ketan, jsb.
- manggang => meuleum anu dipanggang: said, maranggi, jsb.
- mais => ngasakan kadaharan, dibungkus ku daun cau tuluy dibubuykeun kana lebu panas atawa diseupan, contona pais lauk, pais hayam.
- ngagor éng => ngasakan kadaharan ku minyak kalapa, minyak susuk, mantega, jsb. anu panas, biasana dina katél, contona goreng tahu, goreng pisang, jsb.
- nyangray => ngasakan kadaharan dina kat él atawa talaw éngkar teu maké minyak, contona sangray suuk, sangray sangu, jsb.
- nyeupan => ngasakan kadaharan ku saab cai ngagolak: seupan daun sampeu, seupan daun gedang, jsb.
- ngulub => ngasakan kadaharan maké cai sina ngagolak: kulub suuk, kulub hui, jsb.
- ngabakar => ngasakan kadaharan dibeuleum dina parantian (open, jsb.).
- ngabolostron => ngasakan kadaharan ku cara dikusrukeun kana seuneu gedé, teu diolah heula.
- napi => meresihan béas maké nyiru ku gerakan-gerakan husus supaya kapiceun kokotorna (bubuk huut, keusik, gabah) atawa kapiceun beunyeurna.
- ngisikan => ngumbah beas nu rek dina sangu, biasana dina boboko, cai urut ngisikanana disebut cibéas.
- ngagigihan => nyeupan béas nepi ka satengah asak; gigih nyaéta sangu satengah asak.
- ngarih => ngaduk-ngaduk gigih bari dicaian ku cai ngagolak, supaya beukah, maké angarih.
- nyeupankeun => ngasupkeun kana aseupan, jsb. nepi ka asak.
- timus => sangu geus asak, cirina geus nyerebung saabna.
- ngakeul => ngurah-ngaréh sangu nu kakara dijait bari diteueul jeung dihihidan, ambéh pulen, biasana dina dulang atawa boboko.
- ngaliwet => ngasakan béas (nyangu) dina kastrol atawa panci henteu diseupankeun.
- ngahaneutkeun sangu => nyeupan sangu nu geus tiis.
- nimbel => ngalulun sangu nu haneut kénéh ku daun cau, supaya lila pulenna.
- nutup => nyieun sangu nu diakeulna dicampuran kadaharan séjén (oncom, jste) katut sambara supaya leuwih ngeunah atawa pikeun sasarap.
- ngagoreng sangu => ngasakan sangu ku cara digoréng maké sambara supaya leuwih ngeunah atawa pikeun sasarap.
- nyangray sangu => ngagoréng sangu teu maké minyak, supaya haneut.
- sangu poé => sangu sésa kamari.
- sangu beueuy => sangu nu rada beyé.
- sangu heuras => sangu nu kurang cai dina ngagigihanana.
- sangu pulen => sangu ngeunah, henteu béar jeung henteu beyé.
- sangu béar => sangu anu kurang atawa geus euweuh daya léngkétna.
- sangu anyar => sangu anu kakara nyait tina aseupan, jsb.
- congcot => sangu nu teu diakeul, ditamplokkeun tina seupan, jadi nyungcung persis saperti aseupan.
- buceng => puncak congcot.
Ngaran Patempatan
pakarangan atawa tempat nu lega nu aya di puseur kota
amben
tépas imah panggung nu lanténa tina palupuh
astana
kuburan/makam
babakan
lembur atawa kampung anyar
basisir
tempat di sisi laut
babantar
bagian walungan anu lega sarta déét
bojong
lahan anu nyodor ka sisi walungan tur gédé
bobojong
jojontor taneuh anu nyodor ka cai, biasana aya di sisi walungan
bubulak/bulakan
tempat nu pinuh ku jujukutan nu aya di pasir atawa di lamping gunung
buruan
tempat hareupeun imah, pakarangan
dungus
gundukan tatangkalan laleutik jeung (rada) rembet, biasana ayanan di leuweung
dapur/pawon
rohangan atawa bagian tina imah nu biasana aya di tukang, paranti usuk-asak
dayeuh
lembur nu dicicingan ku jalma réa
émbél
ranca nu jero jeung di beulah luhurna pinuh ku jujukutan
émpér
pakarangan nu pangdeukeutna jeung imah atawa bangunan séjénna
gawir
sisi jurang
goah
rohangan paranti neundeun pangbéasan atawa rupa-rupa kadaharan, biasana aya di pawon
geger
tonggoh gunung anu manjang
gerembel
kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipaké nyumput sasatoan
gupitan
jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping
hunyur
imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik
huma
sawah darat, kebon nu dipaké melaké par tur tara dikocoran cai
jalan huni
lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon
jalan jajahan
jalan gedé nu bisa dipaké ngaliwat kandaraan
jalan satapak
jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema
jontor
taneuh anu nyodor ka laut
jungkrang
legok anu jero sarta gurawes
kubangan
tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding
kamalir
jalan cai leutik
kobakan
lobang di tegalan anu aya caian
karéés
tempat di sisi walungan anu réa keusikan
kebon
taneuh darat nu dipaké melak rupa-rupa pepelakan
landeuh
taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing
lebak
tempat nu leuwih handap
léngkong
tempat legok jeung jero di antara dua lamping
lamping
tempat di gunung antara puncak jeung tutugan
legon
daerah di basisir anu ngelok saeutik ka dra, sarupa teluk ngan leuwih leutik
lembur
tempat nu dicicingan ku jalma réa, kampung
leuwi
bagian walungan anu leuwih jero jeung lega
monggor
daerah sarupa pasir ngan leuwih leutik tur leuwih handap
muhara/muara
tuntung walungan (di hilir) tempat patepungna walungan jeung laut, atawa tempat patepungna walungan leutik jeung walungan nu leuwih gedé
nagrak
taneuh nu luhur sarta angar
negla
tempat nu lega sarta teu kahalangan ku tatangkalan
parigi
jalan cai nu ngahaja meunang nyieun
parung
bagian anu déét di walungan jeung dihapit ku leuwi
pasir
sarupa gunung, ngan leuwih leutik sarta leuwih handap
pangkéng
roangan di imah paranti leleson atawa barang teundeun
pakarangan
taneuh nu aya di sakurilingeun imah
patengahan
roangan nu aya di tengah imah
pipir
taneuh di sagigireun imah
reuma
taneuh darat urut huma nu geus teu dipaké
rora
sarupa susukan (cai ngocor) nu aya di leuweung
sabang
taneuh darat nu dihapit ku dua walungan
sungapan
tempat ngalirkeun cai ti walungan ka sawah
saké
walungan leutik
sampalan
tegal di leuweung tempat sato jarah
samida
leuweung nu dikaramatkeun
seler
walungan leutik
situ
sarupa balong ngan leuwih lega
sirah cai
tempat kaluarna cai nyusu nu engkéna bakal jadi walungan
solokan
susukan
somang
jurang gurawés sarta jero
tanjung
taneuh nu nyodor ka laut
tarikolot
tempat atawa daerah urut lembur
tegalan
taneuh lega tur rata jeung sabagian gedé pinuh ku jujukutan
tepiswiring
ngaran séjén pikeun pasisian atawa pilemburan
tétélar
taneuh di tengah sawah anu heunteu kahontal ku cai
tépas
bagian imah (panggung) nu pang-hareupna, paranti narima sémah
tutugan gunung
bagian gunung panghandapna
wawahan
walungan
Jumat, 09 Juli 2010
Sisindiran Rarakitan
Mawa ragi ka Cilutung, tikukur ngudag saéran. Boh rugi atawa untung, kudu sukur ka Pangéran. Bangbara dina bangbarung, kulit munding kahujanan. Sangsara kuring dicandung, gulang-guling ngan sorangan. Hayang ngala kacang panjang, tangkalna handapeun waluh. Hayang naya mojang lenjang, hanjakalna heunteu wawuh. Kaduhung kuring ka Lémbang, ka Lémbang ka Cibiana. Kaduhung kuring kagémbang, kagémbang kieu rasana. Kaso pondok kaso panjang, ngaroyom ka sisi leuit. Anu denok anu leunjang, ngaronom nu boga duit. Abong-abong sangu konéng, ngan dipaké keur sasarap. Abong-abong kanu goréng, ngan dipaké eukeur sérep.
Abong bogo indung cingok, teu daék bareng jeung jelér. Abong bogoh eunggeus nyosok, teu daék baé palér.
Aduh éta hayam tukung, naha bet los-los ka kolong. Aduh éta mojang jangkung, naha bét tonggongna bolong.
Ari hayang melak wijén, ulah deukeut awi gombong. Ari hayang pada ngajén, ulah boga sikep sombong.
Deudeuh teuing jeruk purut, keur konéng téh loba hileud. Deudeuh teuing nu camberut, keur goréng téh mindeng baeud.
Didieu loba kaliki, hanjakal teu baruahan, Di dieu loba lalaki, hanjakal teu aruyahan.
Di dieu loba kanyéré, hayang hiris dikapuran. Di dieu loba awéwé, hanjakal geulis dipupuran.
Di dieu loba kanyéré, hanjakal parentil kénéh. Di dieu loba awéwé, hanjakal carentil kabéh.
Itu geura buah jarak, euweuh anu ngadudutan. Itu geura budak harak, euweuh anu ngadeukeutan.
Jauh-jauh manggul haur, nu deukeut gé haur kénéh. Jauh-jauh néang batur, nu deukeut gé nganggur kénéh.
Kajeun teuing konéng parud, asal maké gula baé. Kajeun teuing goréng patut, asal daék béla baé.
Ka Cianjur mawa jalak, ka Ciranjang mawa ékék. Ka batur mah abdi nolak, ka Akang gé moal daék.
Ka mana nya nyiar kulit hayang seubeuh sesewiran. Ka mana nya nyiar duit, hayang seubeuh plesiran. Boboko ragrag ti imah, |
Ciri Wangunan Adat Sunda
|
Pupuh
Pupuh 1: Asmarandana Pupuh 2: Balakbak Pupuh 3: Dangdanggula
Pupuh 9: Lambang
Pupuh 17: Ladrang |
Ngaran Panyakit
Balas bogo:
kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas semu karadak.
Batuk gangsa:
batuk lantaran aya gangguan dina bayah (tbc, jsb),
Batuk bangkong:
batuk kosong.
Bisul:
kasakit handapeun kulit, bareuh nu ngandung nanah sarta mataan.
Bisul beunyeur:
bisul leutik, matana siga beunyeur.
Borok:
raheut nu tuluy nanahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.
Botoleun:
kasakit dina dampal suku, liangan.
Budug:
kasakit kulit, baruntus atawa carénang, biasana ateul lantaran kuman.
Bungkul:
sabangsa bisul ngan leuwih teuas.
Cacar, kuris:
kasakit kulit nu babari tépa.
Cenang:
sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan,
Conge:
kasakit jero ceuli, kaluar nanah.
Éwateun:
kasakit kulit, warna semu beureum ngageblég, karasa ateul, renyem.
Geregeseun:
kasakit nyeri kiih, upamana dilantarankeun ayana batu dina jero rarangan (kencing batu).
Gondok:
kasakit dina beuheung lantaran kurang yodieum, siga bareuh ngagandoy, tumerapna sok nahun.
Gondongeun:
kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila, biasa disebut panyakit anjing, sok diubaran ku bulao.
Hapur:
kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, babari tépa.
Hapur kembang:
hapur nu bodas katenjona, bisa diubaran ku daun laja.
Hapur beusi:
hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna.
Hileudeun:
kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku.
Jangar, rieut:
nyeri sirah jejeletétan.
Jeungjeuriheun:
kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.
Jengkoleun:
kasakit nyeri kiih lantaran loba teuing dahar jengkol.
Kalikiben:
rasa nyeri dina jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar (nginum) kagujrug-gujrug ku lulumpatan.
Keremieun:
kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.
Késrék:
kasakit kulit sapérti éksim garing.
Kokoloteun:
kasakit kulit beungeut, semu harideung, lantaran kapanasan atawa wedak.
Leuncangeun:
kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
Mejen:
hésé ngising, kabebeng.
Mengi:
asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan.
Mimiseun:
kaluar getih tina irung lantaran sariawan, jst.
Muriang:
awak panas-tiris lantaran katerap kasakit malaria, jsb.
Peujit koréseun:
kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
Radang:
kasakit kulit nu nanahan.
Reunghaseun:
kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu upamana lantaran keuna ku geutah reunghas.
Rieut:
nyeri sirah.
Rorombéheun:
kasakit dina dampal suku pangpangna dina lebah keuneung, kulitna bareulah.
Sakalor:
kasakit sarap, épilépsi.
Salatri:
kasakit nu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur sebel, tor kaluar késang tiis.
Salésma:
kasakit irung, influenza, flu.
Sampar:
kasakit nu babari tepa.
Sariawan:
kasakit nu ngalantarankeun barusuh, lantaran panas beuteung.
Sisidueun:
gangguan di jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk.
Sumbilangeun:
kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran.
Tajam:
diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil.
Tampek:
kasakit kulit, ateul semu panas, biasa tumerap ka budak.
Tibar:
kasakit sarupa bisul, matana tujuh.
Turuwisen:
kasakit sarupa cénang dina biwir panon.
Uuseupeun:
kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, aya useupan.
Wasir:
ambéyen, nongtot bool.
Istilah Patukangan
SESEBATAN NGARAN PATUKANGAN
Sesebatan | Hartosna |
anjun | tukang nyieunnan rupa-rupa parabot tina taneuh |
amil/Lebé | tukang ngurus sagala urusan kaagamaan, tukang ngawinkeun |
bujangga | tukang nulis carita, syair jeung sajabana |
bengkong | ukang nyunatan |
candoli | tukang ngajaga pambéasan (biasana awéwé) ditempat hajat atawa kariaan |
Gending | tukang nyieun rupa-rupa parabot tina kuningan |
kabayan | tukang dititah kaditu kadieu atawa ngagawékeun rupa-rupa urusan |
kamasan | tukang nyieun perhiasan atawa karajinan tina emas atawa perak |
kusir | tukang ngajalankeun sado atawa délman |
kuncén | tukang ngurus jeung ngajaga kuburan |
malim | tukang nalukeun sasatoan |
maranggi | tukang tukang nyieun landéan jeung sarangka keris |
masinis | tukang ngajalankeun karéta api atawa mesin désel |
merebot | tukang nakol bedug di mesjid |
nakoda | tukang ngajalankeun kapal cai |
narawédi | tukang ngagosok batu permata |
ojég | tukang ngajalankeun (ojég) motor angkutan |
pakacar | juru ladén atawa bujang |
palédang | tukang nyieun rupa-rupa parabot tina tambaga |
palika | tukang teuleum |
pamayang | tukang ngala lauk di laut |
panday | tukang nyieun rupa-rupa parabot tina beusi |
penérésan | tukang nyadap |
panayagan | tukang nabeuh gamelan |
pamatang | tukang moro nu pakakasna ngagunakeun tumbah |
paninggaran | tukang moro sasatoan nu ngagunakeun bedil |
panghulu | Patugas nagara nu nyatet nu kawin |
pilot | tukang ngajalankeun kapal udara |
sarati | tukang ngalatih atawa ngusir gajah |
supir | tukang ngajalankeun mo |
Paribasa jeung Babasan
Nu Make Kecap tina Hurup "A"
Paribasa
adat |
adat kakurung ku iga |
tabéat nu geus hésé dirobahna |
adéan |
adéan ku kuda beureum |
ginding ku barang batur atawa barang meunang nginjeum |
agul |
agul ku payung butut |
jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén manéhna turunan ménak baheula |
akal |
Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék moal nyapék |
mun teu usaha moal boga rejeki |
asa |
asa ditonjok congcot |
Meunang kabungah anu gédé, anu saenyana teu diarep-arep |
Babasan
atah |
atah adol |
kurang ajar/teu sopan |
amis |
amis budi |
alus budi parangi, lamun nyarita mindeng dibarung ku seuri |
angin |
teu gugur teu angin |
teu puguh alesanana |
asa |
Asa peunggas rancatan |
leungiteun ku jalma anu kapercaya atawa anu loba jasana |
awak |
keur awak saawakeun |
keur manéhna sorangan |
Ngaran Anak Sasatoan
anak anjing = kirik/kicik
anak bagong = begu
anak bandeng = nanar/nener
anak banteng = bangkanang
anak bangbung = kuuk
anak bangkong = buruy
anak belut = kuntit
anak bogo = cingok
anak boncel = bayong
anak buhaya = bocokok
anak deleg/gabus = boncel/kocolan/kokocolan
anak embe = ceme
anak gajah = menel
anak hayam = ciak/pitik
anak japati = piyik
anak keuyeup = bonceret
anak kuda = belo
anak kukupu = hileud
anak kutu = kuar
anak lancah = aom
anak lauk = kebul/burayak
anak lele = nanahaon
anak lubang = leungli
anak maung = juag/aum
anak meri = titit (karunya pisan...)
anak monyet = begog
anak munding = eneng
anak reungit = utek-utek
anak sapi = pedet
anak ucing = bilatung
Wanci Dina Basa Sunda
Wanci janari gedé => kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.
Wanci janari leutik => kira-kira tabuh 03.30 – 04.30
Wanci balébat => waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)
Wanci carangcang tihang => wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)
Wanci haneut moyan => waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)
Wanci rumangsang => waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
Wanci pecat sawed => waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
Wanci manceran/lohor => waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)
Wanci lingsir ngulon => waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)
Wanci panonpoé satangtung => ± tabuh 15.00 waktu
Wanci tunggang gunung => panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)
Wanci sariak layung => waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)
Wanci sareupna => geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)
Wanci sareureuh budak => waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
Wanci tengah peuting => ± tabuh 24.00
Ngaran Kekembangan
Kembang awi : eumbreuk
Kembang bako : bosongot
Kembang bawang : ulated
Kembang bolang : ancal
Kembang boled : tela
Kembang cabe : bolotot
Kembang cau : jantung
Kembang cengek : pencenges
Kembang cikur : jelengut
Kembang eurih : ancul
Kembang gedang : ingwang
Kembang genjer : gelenye
Kembang hoe : bubuay
Kembang honje : comrang/rombeh
Kembang jaat : jalinger
Kembang jambe : mayang
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang jambu batu : karuk
Kembang jarak : uing
Kembang jengkol : merekenyenyen
Kembang jeruk : angkruk/angkes
Kembang jotang : puntung
Kembang kadu : olohok
Kembang kalapa : suligar
Kembang peuteuy : pendul
Kembang kaso : curiwis
Kembang kawung : pengis
Kembang koneng : badul
Kembang kulur : pelepes
Kembang laja : jamotrot
Kembang leunca : pengit
Kembang limus : seleksek
Kembang lopang : cacas
Kembang muncang : rinduy
Kembang pare : ringsang
Kembang salak : sedek/gojod
Kembang sampeu : dingdet
Kembang taleus : ancal
Kembang tangkil : uceng
Kembang terong : moncorong
Kembang tiwu : badaus
Kembang waluh : alewoh