Sabtu, 07 Mei 2011

Sasakala Curug Supit

Bubukaning carios....

Ari nami curug supit téh, nyaéta panggihna dua kokocoran wahangan anu nyurug di hiji tempat dingaranan Curug Supit. Éta tempat téh pernahna di kiduleun puseur dayeuh Kacamatan Takokak. Nami curug supit téh, kacida pisan di karamatkeunna ku masarakat satempat, ogé dikenal ku warga ti luar Kacamatan Takokak. Buktosna kapungkur pernah ditapaan ku urang Cirebon, ti Banten, sareng urang Sumedang malihan ayeuna ogé, masih sok aya nu napaan ku masarakat satempat, boh ti nu jauh. Hal ieu ngabuktoskeun yén nami curug supit téh kacida pisan dikaramatkeunna, ku masarakat Jawa Barat.

Kocap carita....

Jaman baheula aya hiji aki-aki hirupna nunggul pinang, hirup bubuara di pileuweungan. Teu anak, teu pamajikan. Ari kahirupan utamana ti ngongora nepika cueut ka hareup nyaéta ngala manuk. Ari ngaran tukang moro manuk téh nyaéta, nu katelah Ki Tumbal Kala. Saking kahot-kahotna Ki Tumbal Kala, carita ieu kadéngé ku Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran.

Kacaritakeun di karaton Karajaan Pajajaran, Putri bungsu nu jadi kembang karaton, nugeulisna sabiwir hiji meunang hiji cocoba ti nu maha kawasa, gering mangbulan-bulan, para tabib jeung paraji sakti, ti tiap daérah didatangkeun pikeun ngalandongan putri bungsu, tapi tetep teu aya tapak-tapakna acan. Permaisuri saban poé ceurik, sang Raja unggal mangsa nalangsa, pangeusi karaton kabéh bingung.

Keur meujeuhna baringung nu teu manggih tungtung kadéngé diluar aya nu datang, “sampurasun... sampurasun... sampurasun...” ceuk tamu, “rampés” ceuk pribumi. Di jero karaton éta tamu ditanya ku sang raja, bari semu dareuda. “Saha ngaran andika, timana, jeung naon tujuan andika datang nohonan kaula?” saur sang raja. “Nepangkeun nami kaula nyaeta Pandita Langlang Buana, kaula teu gaduh tempat maneuh, tapi kolong langit éta tempat kaula, nun...” saur éta pandita, bari handap asor. “jadi, kieu ieu téh pandita, kaula sakulawarga bingung teu manggih tungtung, susah nu teu aya papadana, sugan pandita bisa nyageurkeun putri bungsu kaula, anu batan sakieu repotna, cai teu asup, sangu sumawona, ieu mah sugan jeung sugan, pandita tiasa mere bongbolangan”. Saur sang raja bari dumareuda. Barang ngadéngé caritaan sang raja, pandita katingal ungut-ungutan. Bari terus menekung ka nu agung, ménta pituduh ka nu kawasa, teu sabaraha lila, bray, panonna beunta, bari pok sang pandita nyarita, “punten sateuacanna prabu, kaula nembé dipasihan pituduh wiréhna pilandongeun putri bungsu téh, kedah ditumbal ku getih tikukur emas” saur sang pandita méré pituduh. “Dimana ayana éta tikukur emas téh pandita?” saur sang raja panasaran. “Hapunten prabu, dupi éta manuk téh ayana di daérah pakidulan, pilarian wé hiji tegalan paranti balap kuda, pilari nami Ki Tumbal Kala” saur pandita ngajelaskeun.

Tah éta tempat paranti balap kuda téh robah ngaranna jadi Pangaduan.

Sabulan, dua bulan, tilu bulan, utusan Prabu Siliwangi terus nanyakeun ka hiji lalaki satengah tuwu. “Sampurasun sun...” ceuk éta prajurit siliwangi téh nanyakeun, “rampés... aya naon ki sanak anu gandang perténtang, naros ka simabdi?” jawab Ki Tumbal Kala meuni ajlih. Terus éta prajurit siliwangi téh, ngobrol panjang lébar, bari saterusna mah, nyaritakeun tujuanna, ari Ki Tumbal ungut-ungutan, ngarti kana maksud prajurit. “Ké, antos sakedap ki sanak, jisim abdi badé menekung heula, badé nyuhunkeun pituduh ka nu kawasa”. Bari terus sila mendeko, teu kungsi lila bray, panonna beunta, terus nyaritakeun hasilna. “Mangga ayeuna mah salira ngiring ka kaula” sapoé, dua poé, can hasil, nya nepika saminggu, keur meujeuhna reureuh tina kacapé geleber tikukur bulu emas ngageleber ka hareupeun Ki Tumbal, gebeg téh ki tumbal ngarényag reuwas, cungkedil nangtung bari terus ngeteyep ngintip manuk tikukur téa, sumpit geus siap ditiup, terus éta manuk eunteup dina kai leutik gigireun curug, belesur sumpit ditiup, ceb keuna meni manggang pisan kana pingpingna. Gancang éta tikukur emas dicandak ku prajurit, terus wé pamitan mulang ka Pajajaran. Barang éta tikukur dicandak ku prajurit, na atuh, ari kerelek téh Ki Tumbal ngaleupaskeun nyawa sapada harita, maot di éta tempat.

Tah kitu caritana téh, janten sanés Curug Supit, asalna mah tapi Curug Sumpit, nelah kana bandana ki Tumbal Kala téa, kulantaran kagok, masarakat nyebatna Curug Supit.

Panambih: Ari Curug Supit sareng Pangaduan téh pernahna di wewengkon Désa Bungbangsari Kecamatan Takokak Kabupatén Cianjur.

Tina Pabukon Guru Basa Sunda SDN Pasirkupa Pusbindik TK/SD Kecamatan Takokak Kabupaten Cianjur. Hasil rékaan: Ki Héru PP (Agus Ishak Sabtari, S.Pd) tur diropéa ku: Guru Basa Sunda SDN Pasirkupa (E. Mulyadi, S.Pd.SD).

2 komentar:

  1. duh kataji kana sasakala curug supit, salam ka p Agus Ishak Sabtari, S.Pd

    BalasHapus
  2. Insya Allah urang dugikeun, dupi ieu sareng saha ath? pamugi hoyong aya identitasna, supados kenal. Hatur nuhun tos rurumpaheun kana blog simkuring.

    BalasHapus