Jumat, 16 Juli 2010

Ngaran Waditra

Waditra Sunda
BUDAYA SUNDA DANGIANG WADITRA GENDING
Ku kabinangkitanana luluhur Sunda, salah sahiji kabeungharan budaya Sunda dilarapkeun kana ngaran waditra (pakakas tatabeuhan) gending, boh gending gamelan salendro atawa gamelan gending Degung.
Ampir sapuratina ngaran waditra eta lamun bener-bener pituin anu urang ngaranna teh sok ditungtungan ku “ng”. Lamun teu ditungtungan ku “ng” pasti lain pituin pakakas waditra urang atawa sakurang-kurangna didatangkeun ti luar Sunda.
1. Ngaran Waditra.
Angklung, calung, suling, bonang, kolenang, kendang, goong, celempung, jenglong, kenong, demung, genggong.
2. Ngaran seniman/rupa-rapa kamonesanana:
Dalang, ronggeng, wayang, tembang, sumbang, silung, dangding, gending, degung, gondang, hariring, haleuang, panggung.
Mangga baraya SKKS, bilih mendakan nami waditra/pakakas muski nu teu nganggo ahiran “ng” eta sanes pituin anu urang Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar