Nu Make Kecap tina Hurup "A"
Paribasa
| adat |
| adat kakurung ku iga |
| tabéat nu geus hésé dirobahna |
| adéan |
| adéan ku kuda beureum |
| ginding ku barang batur atawa barang meunang nginjeum |
| agul |
| agul ku payung butut |
| jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén manéhna turunan ménak baheula |
| akal |
| Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék moal nyapék |
| mun teu usaha moal boga rejeki |
| asa |
| asa ditonjok congcot |
| Meunang kabungah anu gédé, anu saenyana teu diarep-arep |
Babasan
| atah |
| atah adol |
| kurang ajar/teu sopan |
| amis |
| amis budi |
| alus budi parangi, lamun nyarita mindeng dibarung ku seuri |
| angin |
| teu gugur teu angin |
| teu puguh alesanana |
| asa |
| Asa peunggas rancatan |
| leungiteun ku jalma anu kapercaya atawa anu loba jasana |
| awak |
| keur awak saawakeun |
| keur manéhna sorangan |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar