Jumat, 16 Juli 2010

Istilah Tatangkalan

balukang/baralak
palapah daun kalapa atawa kawung
barangbang
palapah daun kalapa nu geus garing dina tatangkalan
bogol
bagian tangkal cau atawa kalapa nu aya di panghandapna
catang
tangkal kai nu ngagolér jeung geus garing lantaran dituar atawa runtuh
iwung
anak tangkal awi nu mangrupa boros kénéh, biasana sok dijieun angeun atawa diseupan
kalakay
daun nu geus garing jeung geus murag
kararas
daun cau nu geus garing
koléang
daun garing nu ngoléang murag tina tangkalna, saméméh tepi kana taneuh
pancar
tangkal awi nu geus garing, biasana sok dipaké suluh
pangpung
bagian tangkal, dahan nu garing
petet
binih tutuwuhan nu leutik kénéh, bisa meunang ngahaja melak atawa jadi sorangan
ruyung/bogor
bagian anu teuas dina tangkal kawung
sirung
pitangkaleun nu kakara melentis
tunggul
bagian tina tangkal sésa nuar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar