Sabtu, 07 Mei 2011

Sasakala Kacamatan Takokak

Bubukaning Carios...

Ari nami takokak téh asalna mah nami tangkal obat, anu tiasa di budi dayakeun pikeun nopang perékonomian urang, tapi kulantaran ka asup tangkal liar jadi wéh teu di piroséa. Padahal tangkal éta téh seueur pisan hasiatna. Contona pikeun ngubaran nyeri cangkéng, ginjal, jantung, jeung sajabana. Hal ieu ngabuktoskeun, yén di daérah Takokak téh seueur kénéh hal-hal anu can kapendak.

Kocap Carita...

Jaman baheula aya hiji padépokan anu pernahna mah di kiduleun Désa Pasawahan. Ari padépokan ieu di paréntah ku hiji patapa sakti anu linuwih. Luhung ku élmu, jembar ku pangabisa. Anu ngaran Ki Lingga Sakti, ari Ki Lingga Sakti téh boga hiji élmu anu kacida ahéngna, anu ngaranna élmu raga salaksa. Mun keur dihurup ku musuh, Ki Lingga Sakti teu pernah ka téwak, sabab jiga néwak kalangkang, nu aslina mah duka numana, margi jirimna kabéh sarua, teu aya béntenna. Tapi nujadi anéh, dina jero rarabi salila 120 taun, Ki Lingga teu pernah boga anak. Ubar-abér kaditu kadieu tapi teu aya hasilna.

Kacaritakeun dina hiji peuting, Ki Lingga keur meujeuhna manteng ngahuleng, lunguh ngalamun bari ngagerentes dina jero haténa.

“Mun kaula teu boga anak, kudu kasaha kaula nurunkeun élmu jeung harta nu sakieu seueurna, déwaaa... tulungan kaula”. Keur meujeuhna Ki Lingga Sakti paleng ku lamunan, kadéngé aya sora tarik handaruan. Ngahudangkeun lamunan, “héééy... Ki Lingga Sakti“. Ėta sora nu kadéngé ku Ki Lingga Sakti tarik pisan, bangunna mah déwana téh, gendut jangkung badag. Bakat ku tarik-tarikna éta sora Déwa, bangunna mah kadéngé ka mancanagara. Bari pok deui éta sora déwa téh neruskeun. “Aya naon andika ngangkir kaula, padahal kaula téh keur tapa?!” ceuk éta déwa bari sentak sengor, jiga nu ambek. “Nyaéta, maksud ngangkir andika téh apan andika nyaho, kaula rumah tangga geus 120 taun tapi can boga anak. Sugan andika bisa narékahan supaya kaula boga anak” ceuk Ki Lingga Sakti satengah maksa.

Ari éta Déwa ungut-ungutan ngarti kana maksud Ki Linggga Sakti. “Oh, enya..............” ceuk Déwa. “Kumaha atuh ayeuna, maksud kaula rék dikabulkeun moal?” ceuk Ki Lingga, panasaran. “Maksud andika ku kaula dikabulkeun, tapi kaula titip barang, tah ieu binih tangkal, tah ieu badik. Mun pamajikan andika mimiti nyiram, kadé poho pelakeun ieu tangkal, jeung cecebkeun ieu badik digigireun éta tangkal” ceuk éta déwa téh, bari pok ka Ki Lingga Sakti nyarita deui. “Perlu andika nyaho Ki Lingga, di alam dunya ngan aya didieu ieu tangkal téh, ari ngaranna takokak” ceuk éta Déwa téh, ngajelaskeun. Ari Ki Lingga panasaran kénéh “Ari ieu badik naon hasiatna?” Ki Lingga nanya deui. “Ieu badik hasiatna, pikeun ngamankeun ieu tempat jeung pangasihan. Oge pikeun nu datang anyar ka ieu tempat, pasti bakal baretah cicing didieu, ngarti andika?” ceuk éta Déwa bari nyentak.

Sabulan ti harita pamajikan Ki Lingga mimiti kakandungan, dua bulan kaliwat nepi ka salapan bulan, brol ngalahirkeun. Ari éta jabang bayi dingaranan Rana Kencana, ari éta tangkal takokak ceuk béja umurna sarua jeung Nyi Rana Kencana. Nyi Rana Kencana tiwas, tangkal takokak ogé bakal ngaleungit.

Ti taun ka taun teu karaos Nyi Rana Kencana tos sawawa, tos meujeuhna laki-rabi. Dina waktu harita aya hiji jajaka meni kasép ngalémpéréng konéng. Awakna keker tur sembada. Nepi ka ieu tempat jigana mah rék ngadon mondok di padépokan. Lila ku lila mah ieu pamuda téh ditanya ku Ki Lingga Sakti “jalu.... aki rék nanya ka hidep.... saha ngaran, timana asal?” Ki Lingga sakti nanya, panasaran. “Punten aki...” ceuk éta pamuda meni rengkuh, bari terus ngajawab “dupi wasta abdi téh Kidang Pananjung ti padépokan galuh, dupi abdi dugi ka ieu tempat, seja ngumbara milari élmu pikeun bekel hirup abdi, aki....” ceuk éta pamuda ngajelaskeun.

Gancangna waktu, silih wanohkeun éta pamuda jeung Ki Lingga sakti, ogé jeung Nyi Rana Kencana. Asup kana hiji kapastian, Kidang Pananjung jeung Nyi Rana Kencana ngahiji ngalaki rabi. Anu ahirna ngadegkeun hiji padépokan anu ngaranna Batu Lawang.

Ceuk hiji carita umurna Nyi Rana Kencana téh ngan ukur 90 taun, bareng jeung tiwasna Nyi Rana Kencana, tangkal takokak ogé ngaleungit, jiga teu aya tapak-tapakna acan, tapi ku anu soca batinna seukeut mah, sok ngajéngélék éta tangkal takokak téh ngarangkadak. Ari lebah-lebahna éta Situs Takokak sareng Batu Lawang kinten-kinten 100 meter ti SD Pasirkupa. Ari Situs Takokak téh pernahna di kaléreun SD Pasirkupa, sedengkeun ari Situs Batu Lawang mah di kiduleun SD Pasirkupa.

Tah, ti saprak harita éta nami takokak téh dinggo nami Kampung, teras kantos dianggo nami Désa malihan ayeuna mah dianggo nami Kacamatan, nyaéta Kacamatan Takokak.

Panambih : Dimana cenah ari Kacamatan Takokak téh pernahna?, Kacamatan Takokak ayana di Kabupatén Cianjur, pernahna di wewengkon Cianjur bagéan tengah. Anu wawatesan jeung Kacamatan Sukanagara, Kacamatan Kadupandak, tur Kabupaten Sukabumi. Kacamtan Takokak téh ngadeg kaping 26 Désémber 1983 hasil pamekaran ti Kacamatan Sukanagara tur Ibu Kota Kacamatan Takokak téh nyaéta Pasawahan.

Tina Pabukon Guru Basa Sunda SDN Pasirkupa Pusbindik TK/SD Kecamatan Takokak Kabupaten Cianjur. Hasil rékaan: Ki Héru PP (Agus Ishak Sabtari, S.Pd) tur diropéa ku: Guru Basa Sunda SDN Pasirkupa (E. Mulyadi, S.Pd.SD).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar