SESEBATAN NGARAN PATUKANGAN
| Sesebatan | Hartosna |
| anjun | tukang nyieunnan rupa-rupa parabot tina taneuh |
| amil/Lebé | tukang ngurus sagala urusan kaagamaan, tukang ngawinkeun |
| bujangga | tukang nulis carita, syair jeung sajabana |
| bengkong | ukang nyunatan |
| candoli | tukang ngajaga pambéasan (biasana awéwé) ditempat hajat atawa kariaan |
| Gending | tukang nyieun rupa-rupa parabot tina kuningan |
| kabayan | tukang dititah kaditu kadieu atawa ngagawékeun rupa-rupa urusan |
| kamasan | tukang nyieun perhiasan atawa karajinan tina emas atawa perak |
| kusir | tukang ngajalankeun sado atawa délman |
| kuncén | tukang ngurus jeung ngajaga kuburan |
| malim | tukang nalukeun sasatoan |
| maranggi | tukang tukang nyieun landéan jeung sarangka keris |
| masinis | tukang ngajalankeun karéta api atawa mesin désel |
| merebot | tukang nakol bedug di mesjid |
| nakoda | tukang ngajalankeun kapal cai |
| narawédi | tukang ngagosok batu permata |
| ojég | tukang ngajalankeun (ojég) motor angkutan |
| pakacar | juru ladén atawa bujang |
| palédang | tukang nyieun rupa-rupa parabot tina tambaga |
| palika | tukang teuleum |
| pamayang | tukang ngala lauk di laut |
| panday | tukang nyieun rupa-rupa parabot tina beusi |
| penérésan | tukang nyadap |
| panayagan | tukang nabeuh gamelan |
| pamatang | tukang moro nu pakakasna ngagunakeun tumbah |
| paninggaran | tukang moro sasatoan nu ngagunakeun bedil |
| panghulu | Patugas nagara nu nyatet nu kawin |
| pilot | tukang ngajalankeun kapal udara |
| sarati | tukang ngalatih atawa ngusir gajah |
| supir | tukang ngajalankeun mo |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar