Jumat, 16 Juli 2010

Istilah Kasenian

Beluk
tembang buhun (maca wawacan)
Celempungan
pagelaran lalaguan nu dipirig ku celempung jeung kacapi
Cianjuran
wangun tembang maké lalaguan tina pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Sinom, kinanti
Gondang
kakawihan dina lisung ku halu
Guguritan
karangan pondok nu dianggit maké patokan pupuh
Guru lagu
sora vokal dina tuntung padaliasan
Karawitan barungan
gabungan karawitan sekar jeung karawitan gending
Karawitan gending
pagelaran nu ngan ngagunakeun sora-sora tatabuhan
Karawitan sekar
vokal wirahma bébas (tembang cianjuran), jeung vokal wirahma teu bébas
Kawih
rakitan basa nu teu paké patokan pupuh
Kliningan
lalaguan nu dikawihkeun ku juru sindén nu dipirig kacapi
Lurah sekar
paminpin nayaga jeung juru sindén
Ngadangding
nyusun atawa nyieun karangan maké patokan pupuh
Nyanggi
ngarang lagu
Pada
kumpulan padalisan anu mangrupa ukuran dangdingan
Padalisan
jajaran atawa baris dina pada
Pasanggiri
milih anu pinunjul
Rumpaka
kecap pinilih nu dipaké dina kawih
Sendratari
seni drama tari
Sénggol
ngaréka-réka sora waktu nembang ambéh leuwih ngenah kadéngéna
Serat kanayangan
da, mi, na, ti, la, da
Singer
makuta pikeun awéwé
Susumping
hiasan ceuli
Tembang
basa dangdingan nu maké aturan pupuh
Waditra
alat tatabeuhan
Wiletan
aturan sora tatabeuhan
Wirahma
rama

Tidak ada komentar:

Posting Komentar