| Sesebatan | Hartosna |
| Beluk | tembang buhun (maca wawacan) |
| Celempungan | pagelaran lalaguan nu dipirig ku celempung jeung kacapi |
| Cianjuran | wangun tembang maké lalaguan tina pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Sinom, kinanti |
| Gondang | kakawihan dina lisung ku halu |
| Guguritan | karangan pondok nu dianggit maké patokan pupuh |
| Guru lagu | sora vokal dina tuntung padaliasan |
| Karawitan barungan | gabungan karawitan sekar jeung karawitan gending |
| Karawitan gending | pagelaran nu ngan ngagunakeun sora-sora tatabuhan |
| Karawitan sekar | vokal wirahma bébas (tembang cianjuran), jeung vokal wirahma teu bébas |
| Kawih | rakitan basa nu teu paké patokan pupuh |
| Kliningan | lalaguan nu dikawihkeun ku juru sindén nu dipirig kacapi |
| Lurah sekar | paminpin nayaga jeung juru sindén |
| Ngadangding | nyusun atawa nyieun karangan maké patokan pupuh |
| Nyanggi | ngarang lagu |
| Pada | kumpulan padalisan anu mangrupa ukuran dangdingan |
| Padalisan | jajaran atawa baris dina pada |
| Pasanggiri | milih anu pinunjul |
| Rumpaka | kecap pinilih nu dipaké dina kawih |
| Sendratari | seni drama tari |
| Sénggol | ngaréka-réka sora waktu nembang ambéh leuwih ngenah kadéngéna |
| Serat kanayangan | da, mi, na, ti, la, da |
| Singer | makuta pikeun awéwé |
| Susumping | hiasan ceuli |
| Tembang | basa dangdingan nu maké aturan pupuh |
| Waditra | alat tatabeuhan |
| Wiletan | aturan sora tatabeuhan |
| Wirahma | rama |
Jumat, 06 Mei 2011
SESEBATAN ISTILAH DINA KESENIAN
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar