Jumat, 16 Juli 2010

Ngala Sasatoan

Mitapak
ngala sato leuweung (saperti maung, babi, manuk)
Moro
néwak sato leuweung ku cara diboro atawa di udag-udag, nu biasana dilakukeun ku jelema réa
Morog
ngala sato leuweung maké porog
Nangkeb
ngala manuk leuweung (manuk puyuh atawa paok) maké parabot nu dijieun tina awi
Ngajerat
ngala manuk maké jerat
Ngalanjak
ngala sato leuweung (biasana uncal atawa mencek) maké lanjak
Ngaleugeut
ngala manuk maké geutah ( leugeut)
Ngancung
ngala bajing parabot kancung
Nyentég
ngala maung atawa beurit maké sentég ( sentég keur ngala maung biasana dijieun tina beusi, sentég keur ngala beurit, biasana dijieun tina kawat)
Marak
ngala lauk di solokan ku cara nyaatkeun caina
Milét
ngala lauk maké pilét
Mosong
ngala lauk maké posong (sarupa sosog nu dibéré eupan
Negér
ngala lauk maké tegér ( sarupa useup ngan leuwih pondok)
Nua
ngala lauk maké racun ( biasana di walungan)
Ngabedahkeun
ngala lauk di balong ku cara nyaatkeun caina
Ngaheurap
ngala lauk maké heurap (sarupa kecrik ngal leuwih gedé)
Ngarad
ngala lauk kalawan maké arad (sarupa jaring)
Ngarégrég
ngala lauk di walungan anu déét maké parang atawa bedog
Ngecrik
ngala lauk maké kecrik (heurap leutik)
Nguseup
ngala lauk maké useup
Nyair
ngala lauk maké sair atawa ayakan
Nyirib
ngala lauk maké sirib (sarupa sair ngan leuwih gedé)
Ngabungbun
ngala lauk maké babalongan anu dijieun disisi walungan, maksudna sangkan lauk ti walungan arasup ka éta babalongan, engkéna éta babalongan disaatan
Ngagogo/ngobeng
ngala lauk maké cara dikodok atawa disasar ku leungeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar