Jumat, 16 Juli 2010

Ngaran-ngaran Usum

Pada bagian kedua “Belajar Bahasa Sunda Yu….” Kali ini membicarakan soal nama musim-musim yang biasa digunakan oleh orang sunda khususnya.

a. Nu patali jeung Kaayaan alam
1. Usum katiga = usum halodo
2. Usum mamareng = usum mimiti rek ngijih
1. usum dangdangrat = usum panyelang antara halodo jeung ngijih
2. Usum ngijih = usum hujan
3. Usum barat = Usum gede angin (nu jolna ti kulon)
4. Usum selatan = usum gede angin nu jolna ti kidul

b. Nu patali jeung kaayaan masyarakat
1. usum pagebug = usum loba nu gering/panyakit
2. usum sasalad = usum loba panyakit bari tepa
3. usum patepok = usum loba kawin
4. usum tigerat = usum kurang dahareun
5. usum paceklik = usum kakurangan pare/dahareun

c. Nu patali jeung kaayaan tatanen
1. Tatanen di sawah
i. Usum nyambut = usum mitembean ngagarap sawah
ii. Usum morekat = usum nyawah leutik
iii. Usum tandur = usum melakeun binih pare di sawah
iv. Usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi diantara tangkal pare
v. Usum celetu = mangsa pare geus mimiti cul cel aya buahan
vi. Usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil
vii. Usum rampak = mangsa pare geus rata/papak beukah
viii. Usum panen = mangsa dibuat, ngala pare
ix. Usum jami = sabada panen

2. Tatanen di Huma
i. Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun
ii. Usum ngahuru = meuleum kai jeung kakayon nu geus garing benang nyacar
iii. Usum ngaduruk = meresihan sarta ngaduruk kai nu can kabeleuman waktu ngahuru
iv. Usum ngaseuk = melak pare ku cara nyocog-nyocogeun kai meunang nyeukeutan tungtungna
v. Usum ngored/ngoyos = meresihan jukut nu jaradi diantara luwukan pare ku parabot kored
vi. Usum dibuat/ngetem = ngala pare make parabot etem
vii. Usum ngunjal = mawaan pare ti huma ka imah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar