Jumat, 16 Juli 2010

Sesebatan Itungan

BARANG NU TANGTU

Awi
sabébék, saleunjeur, sadapur
Bako
salémpéng, sekeben, satanding
Bangsal
sacangci
Bawang
sasihung
Béas
sacanggeum
Bilik
sailab
Boéh
sarirang
Cai
sakeclak
Cangkir
satangkep
Cau
sauler, sasikat, saturuy
Daun cau
saponggol, sakompét, salembar
Eurih
sajalon
Giwang
sapasang
Gula kawung
sagandu, satoros
Hayam
sajodo
Injuk
sakakab
Jahé
sarémpang
Jambé
samanggar
Japati
sajodo
Kalapa
samanggar
Kaso
sadapur, saluwuk
Kertas
salambar
Konéng
sasolor
Munding
sarakit
Muncang
sadampa
Nangka
sacamplung, sanyamplung
Papan
salambar
Paré
saranggeuy, sacangci
Peuteuy
sapapan, samata
Salak
samanggar
Samak
saheulay
Sangu
sapiring, sabakul
Sawah
sakotak, sabau
Suluh
sabébék, sateukteuk


LEGA JEUNG PANJANG

Satumbak
3,77 meter
Sabata
14 meter pasagi
Samil
1,5 kilo meter
Saareu
100 meter pasagi
Sahektar
100 are/ 500 bata
Sakaki
30 cm
Saélo
0,75 meter
Saicak
saélo pasagi
Sajeungkal
sapanjang tungtung jempol tepi ka tungtung cingir upama dipetakeun, kira-kira 20 cm
Sajeujeuh
sa panjang dampal suku kolot
Sadeupa
sapanjang ramo leungeun katuhu tepi ka tuntung ramo leungeun kenca upama didepakeun, kira-kira 1,60 meter
Satampah
kira-kira saukuran dampal leungeun kolot


LOBA JEUNG BEURAT

Saranggeuy
sagagang
Sapocong
satengah geugeus
Sageugeus
dua pocong dibeungkeut dihijikeun
Sagedeng
sageugeus
Sasangsa
lima geugeus
Salajer
opat sangga/dua pilih geugeus
Sacaéng
40 sangga/ 10 lajer/ 4 tanggung/ 2 madea/ 200 geugeus
Sabawon
opat pocong
Satanggung
lima puluh geugeus
Saundem
ukuran béas nu ditaker ku batok kalapa, kira-kira satengah léter
Samadéa
satengah caéng/ 100 geugeus
Sakati
beuratna kira-kira 817, 5 gram
Sagantang
5 kati/ 10 undem
Saléter
1 dm3
Saemud
kira-kira saléter leuwih
Sakulak
kira-kira 2,5 kg, keur ukuran béas
Sapikul
kira-kira 62,5 kg/ 100 kati, keur ukuran bangsal
Sadacin
Sapikul


NUDUHKEUN JUMLAH

Sapasang
dua
Salosin
dua welas
Sakodi
dua puluh
Salikur
dua puluh hiji
Dua Likur
dua puluh dua
Tilu Likur
dua puluh tilu
Salawé
dua puluh lima
Saraju
opat puluh
Sawidak
genep puluh
Sagros
saratus opat puluh opat
Salaksa
sapuluh rébu
Sayuta
satu juta

Tidak ada komentar:

Posting Komentar