Jumat, 16 Juli 2010

Ngaran Patempatan

alun-alun
pakarangan atawa tempat nu lega nu aya di puseur kota
amben
tépas imah panggung nu lanténa tina palupuh
astana
kuburan/makam
babakan
lembur atawa kampung anyar
basisir
tempat di sisi laut
babantar
bagian walungan anu lega sarta déét
bojong
lahan anu nyodor ka sisi walungan tur gédé
bobojong
jojontor taneuh anu nyodor ka cai, biasana aya di sisi walungan
bubulak/bulakan
tempat nu pinuh ku jujukutan nu aya di pasir atawa di lamping gunung
buruan
tempat hareupeun imah, pakarangan
dungus
gundukan tatangkalan laleutik jeung (rada) rembet, biasana ayanan di leuweung
dapur/pawon
rohangan atawa bagian tina imah nu biasana aya di tukang, paranti usuk-asak
dayeuh
lembur nu dicicingan ku jalma réa
émbél
ranca nu jero jeung di beulah luhurna pinuh ku jujukutan
émpér
pakarangan nu pangdeukeutna jeung imah atawa bangunan séjénna
gawir
sisi jurang
goah
rohangan paranti neundeun pangbéasan atawa rupa-rupa kadaharan, biasana aya di pawon
geger
tonggoh gunung anu manjang
gerembel
kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipaké nyumput sasatoan
gupitan
jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping
hunyur
imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik
huma
sawah darat, kebon nu dipaké melaké par tur tara dikocoran cai
jalan huni
lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon
jalan jajahan
jalan gedé nu bisa dipaké ngaliwat kandaraan
jalan satapak
jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema
jontor
taneuh anu nyodor ka laut
jungkrang
legok anu jero sarta gurawes
kubangan
tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding
kamalir
jalan cai leutik
kobakan
lobang di tegalan anu aya caian
karéés
tempat di sisi walungan anu réa keusikan
kebon
taneuh darat nu dipaké melak rupa-rupa pepelakan
landeuh
taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing
lebak
tempat nu leuwih handap
léngkong
tempat legok jeung jero di antara dua lamping
lamping
tempat di gunung antara puncak jeung tutugan
legon
daerah di basisir anu ngelok saeutik ka dra, sarupa teluk ngan leuwih leutik
lembur
tempat nu dicicingan ku jalma réa, kampung
leuwi
bagian walungan anu leuwih jero jeung lega
monggor
daerah sarupa pasir ngan leuwih leutik tur leuwih handap
muhara/muara
tuntung walungan (di hilir) tempat patepungna walungan jeung laut, atawa tempat patepungna walungan leutik jeung walungan nu leuwih gedé
nagrak
taneuh nu luhur sarta angar
negla
tempat nu lega sarta teu kahalangan ku tatangkalan
parigi
jalan cai nu ngahaja meunang nyieun
parung
bagian anu déét di walungan jeung dihapit ku leuwi
pasir
sarupa gunung, ngan leuwih leutik sarta leuwih handap
pangkéng
roangan di imah paranti leleson atawa barang teundeun
pakarangan
taneuh nu aya di sakurilingeun imah
patengahan
roangan nu aya di tengah imah
pipir
taneuh di sagigireun imah
reuma
taneuh darat urut huma nu geus teu dipaké
rora
sarupa susukan (cai ngocor) nu aya di leuweung
sabang
taneuh darat nu dihapit ku dua walungan
sungapan
tempat ngalirkeun cai ti walungan ka sawah
saké
walungan leutik
sampalan
tegal di leuweung tempat sato jarah
samida
leuweung nu dikaramatkeun
seler
walungan leutik
situ
sarupa balong ngan leuwih lega
sirah cai
tempat kaluarna cai nyusu nu engkéna bakal jadi walungan
solokan
susukan
somang
jurang gurawés sarta jero
tanjung
taneuh nu nyodor ka laut
tarikolot
tempat atawa daerah urut lembur
tegalan
taneuh lega tur rata jeung sabagian gedé pinuh ku jujukutan
tepiswiring
ngaran séjén pikeun pasisian atawa pilemburan
tétélar
taneuh di tengah sawah anu heunteu kahontal ku cai
tépas
bagian imah (panggung) nu pang-hareupna, paranti narima sémah
tutugan gunung
bagian gunung panghandapna
wawahan
walungan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar