Jumat, 16 Juli 2010

Rarasaan Aambuan

Amis
rasana gula
Anta
rasana cai sumur taneuh téla atawa basisir
Asin
rasa uyah
Gahar
rasana manisan atawa rasana inuman nu ngandung rasana amis haseum
Haseum
rasana bungbuahan nu encan asak atawa atah kénéh
Kecut
rasana cuka
Kesed
rasana salak ngora
Keurang
rasana kadaharan nu di goréng maké minyak kalapa teu ngeunah atawa murah
Keutar
rasana cangkang bungbuahan atawa rasana geutah
Lada
rasana céngék
Pahang
rasana iwung nu geus kolot atawa rasana buah jengkol
Pait
rasana paria, kina, atawa hamperu
Pangsét
rasana pasakan nu réa teuing uyah, rasa asin pisan
Peuheur
rasana térong
Bau
kokotor jelema atawa sato, bangké, bugang
Hangit
buuk nu kaduruk, olahan anu tutung
Hangru
getih
Hangseur
cikiih
Hanyir
lauk atawa getih
Hapeuk
pakéan kotor atawa tempat nu kotor
Haseum
kelek nu kakesangan, kokotor ucing, atawa olahan nu geus lila
Pengar
peuteuy, jéngkol atawa bau bahan kimia dina obat-obatan
Pesing
cikiih
Segak
cipeuyeum, bako
Seungit
parpum atawa kembang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar