Jumat, 16 Juli 2010

Sesebatan Waktos

imsak
kira-kira 10 menit sateuacan waktu subuh
subuh
kira-kira tabuh 04.30
lohor
kira-kira tabuh 12.00
asar
kira-kira tabuh 15.30
isa
kira-kira tabuh 19.00

janari gedé
kira-kira tabuh 01.00-03.00
janari leutik
kira-kira tabuh 03.30-04.30
balébat
waktu fajar geus udat-udat belah wétan
carancang tihang
geus liwat pajar, waktu téténjoan masih remeng-remeng, kira-kira tabuh 05.00
haneut moyan
waktu keur ngenah-ngenahna dipaké moyan, kira-kira tabuh 07.00-08.30
rumangsang
panon poé geus karasa panas, kira-kira tabuh 09.00
pecat sawed
waktu munding anu dipaké ngawaluku sawah dilaan (dipecat) sawedna, kira-kira tabuh 10.00
manceran/mentarangan
waktu panon poé aya luhureun sirah, kira-kira tabuh 12.00
wanci lingsir ngulon
waktu panon poé geus mimiti ngagésér ka beulah kulon, kira-kira tabuh 13.00
wanci panon poé satantung
kira-kira tabuh 15.00
wanci tunggang gunung
waktu panon poé geus mimiti surup, dina luhureun gunung, kira-kira tabuh 16.00-17.00
sariak layung
waktu layung anu ciri-cirina cahaya panon poé di langit katénjo burahay beureum kira-kira tabuh 17.00-18.00
sareupna
waktu geus mimiti reup poék, kira-kira tabuh 18.30
wanci sareureuh budak
waktu barudak leutik geus carapéeun ulin jeung ngaji, kira-kira tabuh 20.00
tengah peuting (jemplang-jempling)
waktu tengah peuting, tabuh 24.00
magrib/buka
kira-kira tabuh 18.00

usum pagebug
usum loba nu gering parna, jeung loba nu maraot
usum sasalad
usum loba panyakit nu babari tépa
usum patepok
usum loba nu kawin
usum tigerat
usum paila, kurang dahareun, pangpangna kurang béas atawa paré
mamaréng
mimiti rék ngijih
usum ngijih
usum hujan, ngecrek saban poé
dangdangrat
usum hujan paselang jeung usum halodo, datangna hujan jeung halodo sifatna kakapeungan
usum katiga
usum teu ayana hujan
usum nyambut
usum mimiti ngagarap sawah
usum tandur
usum melak binih paré
usum ngarambét/ngoyos
mangsa patani miceunan jukut sawah
usum celetu
mangsa paré culcel baruahan
usum beukah
mangsa paré geus loba nu buahan
usum rampak
mangsa paré geus rata
usum panén
mangsa panén paré
usum nyacar
usum nyacar leuweung pikeun sérang atawa pihumaeun
usum ngahuru
usum ngahuru, meuleum kai gararing nu meunang nyacar
usum ngaduruk
usum meresihan sarta ngadurukan kai nu can kabeuleum waktu ngahuru jeung meresihan lahan
usum ngaseuk
usum nyocok-nyocokeun kai nu meunang nyeukeutan tungtungna (aseuk) nu tapakna diasupan bibinihan
usum ngoréd
usum meresihan jukut nu jaradi antara pepelakan maké koréd
usum dibuat
usum panen

sakilat/sajorélat
nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan, diupamakeun kana ngaburinyayna kilat di langit
sakedét nétra/sakiceup
dipaké nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan, sakumaha jelema anu ngiceup
sapanyeupahan
lilana kira-kira sarua jeung waktu anu dipaké keur nyeupah seureuh
sapangéjoan
lilana sarua jeung jelema nu keur nyangu
sapoé sapeuting
lilana 24 jam
saminggu
lilana 7 poé
sabulan
lilana 30 poé, 4 minggu
saumur jagong
salila melak jagong nepi ka panénna, kira-kira 3,5 bulan
sataun
lilana 356 poé, 52 minggu, 12 bulan
sataun landung
lilana sataun leuwih
sawindu
lilana 8 taun
saabad
lilana 100 taun
ayeuna
dipaké jang nyebutkeun waktu éta kénéh
kamari
nyebutkeun poé nu geus kaliwat sapoé
mangkukna
nyebutkeun poé saacan kamari
isukan
nyebutkeun sapoé nu bakal datang
pagéto
nyebutkeun sapoé sanggeus isukan
bieu
nyeubutkeun waktu nu cikénéh karandapan
baréto
nyebutkeun waktu nu rada lila kaliwat
baheula
baheula di paké jang nyebutkeun waktu béh ditueun baréto
eungké
nyebutkeun waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan
jaga, isuk jaganing pagéto
nyebutkeun waktu nu bakal datang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar